.net nyaétadomain undak luhurinternét anu umumna dipaké ku operator,ISP sartaorganisasikomunikasi lianna.[1] Dua domain nyaéta .net jeung.com sakapeung mah sok dipaké kupausahaan nu sarua.[1] Domain net mangrupa domain undak luhur umum dina Sistem Ngaran Domain Internét nu dikokolakeun sarta dioperasikeun kuVerisign.[2] Kiwari, domain net jadi domain nu panglobana registrasina katilu di sakuliah dunya.[2]Verisign geus ngajalankeun domain .com jeung .net ku akurasi operasional nu nepi kana 100% tur stabilitasna éta salila leuwih ti 15 taun.[2] Dina panungtungan kuartal 2 taun2012 Verisign miboga 240 yuta ngaran domain tina sakumnadomain undak luhur anu jalan, ku domaincom jeung net nyekel 49% tina pangsa pasardomain undak luhur, turun 2% ti kuartal 1.[2]