Gambar nu ngajelaskeun pancaran éléktron tina hiji pelat métal, merlukeun énergi nu dibeunangkeun tina foton nu datang.Prinsip ngukur éfék fotolistrik.
Éfék fotolistrik nyaéta fénomena éléktronik kuantum di mana éléktron dipancarkeun ti hiji pabeungeutan barang (biasana logam) satutasna nyerepénergi tiradiasi éléktromagnétik sapertisinar-x. Istilah kuna pikeunéfék fotolistrik nyaétaéfék Hertz (anu ayeuna henteu dipaké deui).
Euweuh éléktron anu dileupaskeun ku radiasi di sahandapeun frékuénsi ambang, alatan éléktron henteu boga énergi anu mahi keur nungkulan iketan atom. Eléktron anu dipancarkeun biasana disebutfotoéléktron dina réa buku pangajaran.
Éfék fotolistrik réa ngabantu dina ngajelaskeundualisme gelombang-partikel, di mana sistem fisika (kawasfoton dina kasus ieu) bisa némbongkeun dua sipat sarta laku saperti-gelombang sarta saperti-partikel, hiji konsép anu réa dipaké ku panyiptamékanika kuantum. Éfék fotolistrik dijelaskeun sacara matematika kuAlbert Einstein anu ngajembarkeun kuanta anu dimekarkeun kuMax Planck.
Hukum émisi fotolistrik:
Pikeun logam sarta radiasi nu tangtu, jumlah fotoéléktro anu dikaluarkeun babanding lempeng jeung inténsitascahaya anu dipaké.
Pikeun logam nu tangtu, aya frékuénsi minimum radiasi; di handapeun frékuénsi ieu fotoéléktron henteu bisa dipancarkan.
Di luhureun frékuénsi kasebut, énergi kinétik anu dipancarkan fotoéléktron henteu gumantung kana inténsitas cahaya, tapi gumantung kana frékuénsi cahaya.
Béda waktu antara radiasi jeung pamancaran fotoéléktron pohara leutikna, kurang ti 10-9 detik.
Dina taun 1899, Joseph John Thomson nalungtik cahaya ultraviolét dina bungbung sinar katoda. Dipangaruhan ku gawé James Clerk Maxwell, Thomson nyindekkeun yén sinar katoda diwangun ku partikel-partikel nu boga muatan négatif, anu ku manéhna disebutcorpuscles (ka dieunakeun disebut "éléktron"). Dina panalungtikan kasebut, Thomson nempatkeun pelat logam (nyaéta, katoda) dina bungbung hapa, sarta nyinaran ku radiasi frékuénsi luhur.